Sisindiran Sésébréd Piwuruk

Halo Pelanggan Rajasoal.com- Sisindiran Sésébréd Piwuruk


Titiran eunteup ngajajar   
Bangkuang palid ka sisi   
Sisindiran opat jajar  
Aya cangkang aya eusi

Rarasaan cengkéh konéng
Kulit peuteuy dina nyiru
Rarasaan lengkéh konéng
Kulit beuteung mani nambru

Najan peuteuy dina nyiru
Sakoteng dibawa muter
Najan kulit beuteung nambru
Da ganteng katambah pinter

Kudu getol neukteuk kuku   
Ngarah teu nyiwit ka abdi  
kudu getol maca buku   
Ngarah sapinter Habibi

Haur Geulis Indramayu  
Loba pisan manuk puter   
Tuh dangukeun ibu guru 
Jadi jalmi kudu pinter

Melak lobak dua jajar   
Ripuh kalah kalémpohan   
Ka sakola téh diajar    
Ulah waka bobogohan
 

0 Response to "Sisindiran Sésébréd Piwuruk"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel