Sisindiran Sésébréd Atawa Banyol

Leuleumpangan meuli asmun
Jalanna ka Panyingkiran
Ulah sok loba ngalamun
Mending urang sisindiran

Itu naon itu naon
Anu hideung na bujalna
Itu naon itu naon
Anu ngacung na calana

Mésér sekuteng ka Bogor
teu hilap mésér batagor
tuh naon di jero kolor
geuning péstol dua pélor

Meuli loték meuli loték
Daharna sisi walungan
Abdi géték abdi géték
Dicium kunu kumisan

sok hayang ka Kadipaten
meuli bandeng ngansarébu
sok hayang jadi pangantén
ngarah mindeng ganti baju

hanjuang ngan dua tangkal
diala bari dibedol
hanjakal geuning hanjakal
budak geulis bacin jéngkol

lamun aki mawa kecrik
tong poho mawa wadahna
kunaon aki beut ceurik
hayang nyusu ka ninina



0 Response to "Sisindiran Sésébréd Atawa Banyol"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel