Sisindiran Paparikan Silihasih

Halo Pelanggan Rajasoal.com-Ieu aya conto-conto sisindiran paparikan silihasih. Geura tengetan hiji-hiji!

Galatik manuk galatik
Euntreup dina luhur sumur
Di tungguan ti leuleutik
Geus gede di rebut batur

Anu pondok osok nyogok
Anu nyugak rada panjang
Lamun sono hayu mondok
Lamun melang hayu nganjang

Haruman Gunung Haruman
jeruk anggun mapag lemo
kaluman kuring kaluman
urut pagalentor sono

Leumeung teundeut cocongoan
jalanna ka Rajagaluh
ayeuna rék sosonoan
isuk mah urang pajauh

Beak daun beak randu
unggal poe dibikeunan
Beak taun beak windu
moal weleh dileukeunan

Cau ambon dikorangan
malati ka pipir-pipir
akang nu ambon sorangan
Nyai mah teu mikir-mikir

Nunda boléd keur seupaneun
Ditutupan daun hiris
Nu heubeul moal dipiceun
Lumayan keur batur tiris

Rujak petis rujak hiris
Diwadahan kana batok
Hujan peuting matak tiris
Rék disimbut jeung nu montok

Sok ayeuna jieun sisindiran paparikan silihasih dina kolom komentar di handap!

0 Response to "Sisindiran Paparikan Silihasih"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel