Sisindiran Wawangsalan

Teu benang di piring leutik
Teu beunang di pika isin
Wangsalna : Pisin

Maung tutul saba kasur
Diri teu ngeunah cicing
Wangsalna : Ucing

Komputer osok di jingjing
Rék di bawa top téh teuing
Wangsalna : Laptop

Abdi mah anténeu buled
Seja béla ka salira
Wangsalna : Parabola

Ruas awi dikorékan
Pikir asa selang-seling
Wangsalna : Selang

Srangéngé bijil ti peuting
Rék sabulan rék sataun
Wangsalna : Bulan

0 Response to "Sisindiran Wawangsalan"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel