Sisindiran Urang Majalengka


Jati tujuh panyingkiran
Teu ngaliwat ka Walanda
Hayu batur sisindiran
Sisindiran orisinil sunda

Kuring resep ka nyi randa
Nyi randa anu percéka
Kuring orisinil urang sunda
Urang sunda Majalengka

Kang Jaka keur ngieun gigih
Ngieun gigih jeung ceu Eti
Majalengka anu sugih
Sugih mukti ku pangarti

Tukang asong anu dugul
Katabrak nepi cilaka
Ti Cigasong nepi Munjul
Puseur dayeuh Majalengka

Ka leuwi ngala buaya
Diparaban daun lontar
Ti mana anjeun baraya
Sok nepangkeun na komentar

0 Response to "Sisindiran Urang Majalengka"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel